Ads

Asal Usul Nama Ciwidey "bahasa sunda"

Daftar Isi [Tampil]
Infociwidey.com - Numutkeun keterangan sareng nyukcruk silsilah asal usul wewengkon Ciwidey anu dipedar tu ditaluntik ku hiji sesepuh au wastana bapak H. Tisna Wirawan, anu linggihna di Desa  Panyocokan Kecamatan Ciwidey.

Anjeuna salah sawios pensiuan anu kantos mancen tugas janten penilik kabudayaan di Dinas Pendidikan Kabudayaan Kecamatan Padalarang Cimahi.

SILSILAH WEWENGKON CIWIDEY

Kacarioskeun di weengkon pakemitan aya hiji sesepuh anu masih kalebet rundayan embah patinggi. anu jenenganaana embah rangga sadana. Dina waktos harita aya kajantenan di wewengkon pakemitan, yen aya cai anu ngaburial ti jero taneuh. (upami ayeuna mah ti palebah pasar lama, nu polsek ciwidey, nu aya tangkal loa.) anu ayana di makam karamat loa.

Anu ayeuna mah disebat makam karamat kadu agung. cindekna aya diwewngkon ciwidey tengah kecamatan ciwidey. kiwari EMBAH RANGGA SADANA disebat EMBAH PASAR malah ku urang panyocokan mah disebat EMBAH CAMAT.

salajengna EMBAH CAMAT, angkat ka pandopo bade nyuhunkeun tulung ka DALEM BANDUNG, EMBAH CAMAT cumarios.......

    EMBAH CAMAT : " simkuring, bade tawakup kumawantun tumaros kagamparan".

    KANJEUNG DALEM: " pok gera nyarita naon anu rek ditepikeun ka kaula?".

    EMBAH CAMAT: " perkawis cai anu ngaburial di pakemitan, kedah kunaon di cocokanna?".

    KANJEUNG DALEM: " jig bae indit balik, datangan dulur anjeun EMBAH PATINGGI di Panyocokan, caritakeun yen peso anu tina kadu tea pek tancebkeun palebah tengah tengah cai ngaburial!!!".

    sabada embah camat mulih ti pandopo, teras nyumpingan ka EMBAH PATINGGI, kieu sasauranna.........

    EMBAH CAMAT: "sampurasun, kaula ngiring lengah di padumukan anjeun kalayan ngabantun kasesah sareng kariweuh, mugia EMBAH PATINGGI tiasa ngabantos".

    EMBAH PATINGGI: " naon anu jadi mamala kasusah jeung kariweuh, ki adi. pok keudalkeun ka kaula".

    EMBAH CAMAT: " saleresna simkuring nembe wangsul ti padaleman, maksad tumaros ka KANJEUNG DALEM, lian perkawis mendet cai ka huripan nu teu weleh ngaburial ti pakemitan. ari waleran KANJEUNG DALEM, saurna cai anu ngaburial ti pakemitan tiasa saat upami di ungkulan ku peso kujang anu kengeng tina buah kadu."

      Sabada nguping sasauan EMBAH CAMAT kitu, EMBAH PATINGGI lajeung angkat ka EMBAH JAGAT SATRU, maksad nguningakeun pamendak EMBAH CAMAT kumaha kangge nyocokan cai anu ngaburial. salajeungna EMBAH PATINGGI sareng EMBAH JAGAT SATRU angkat ka wewengkon pakemitan maksad kangge nyumponan pamundut ti KANJEUNG DALEM BANDUNG tea.

    Sasumpingna ti pakemitan, EMBAH JAGAT SATRU ngungkulkeun eta peso kujang kana cai anu ngaburial."sapada harita, set eta cai saat teu sakara kara.

     salajeungna EMBAH CAMAT atanapi EMBAH RANGGA SADANA angkat ka padaleman, yen parantos rengse ngalaksanakeun piwuruk ti KANJEUNG DALEM, mendet cai kahuripan ku peso kujang tea. " alhamdulillah cai saat". kalayan KANJEUNG DALEM ngadawuh ka EMBAH RANGGA SADANA, kieu gera............

KANJEUNG DALEM:"jig gera balik, tuluy ganti ngaran eta wewengkon pakemitan jadi wewengkon atawa kampung "CAI WIDIEWI". anu hartina cai anu ngocor ti pakemitan dialirken jadi wahangan CIWIDEY".

NYA TI BIHARI DUGI KAKIWARI KATELAH "WEWENGKON CIWIDEY".

    tah sakitu carios anu tiasa di pedar, urang candak manfaatna "yen sagala maksud bakal tinekanan ku ayana widi GUSTI". urang kudu mikacinta sareng miara tur ngamumule kana asal usul na ieu wewengkon.

Post a Comment

0 Comments